Minggu, 05 Maret 2017

Sempalan Novel

Sempalan jeung Tingkesan Novel Baruang Kanu Ngarora

Pangarang  : D.K Ardiwinata

Pamedal  : Rahmat Cijulang

Taun Medal  : 1914

 Kandelna  : 148 Kaca

Sempalan :

Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong, bet jadi geulis kabina-bina. Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah can bisa ngomé manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan palay ka Nyi Rapiah, da sakie geulisna.”
Cék Nyi Rapiah, “Calik Embi! Nyandak naon éta téh?”
Walon Nyi Dampi, “Rupi-rupi baé, Lis, aya sinjang, aya kekemben
“Cing ninggalan. Ieu bogoh samping kebat. Sabaraha pangaosna
“Eta mah teu kirang deui Rp.25, mésérna ogé Rp.22,5
“Beu naha mahal-mahal teuing? Teu kenging Rp.15.
“Teu kenging, Lis, mésérna ogétebih kénéh. Sareng ieu embi ngabantun lélépan lucu pisanm pantes dianggo ku Elis. Geura anggo dina jariji.”
“Tidak bisa, Lis belinya saja masih jauh. Ini juga membawa cincin yang lucu, pantas dipakai oleh Elis. Coba pakai di jari.”
“Tuluy, ninggang kana réma anu sakitu manisna. Geura tingali éta berlianna mani enyut, cahayana kuwung-kuwungan. Mirah delima anu di tengah sakitu lucuna, manis siga amis, kulit konéng kasipuh ku watang emas, mani ngagempur.”
Cék Nyi Rapiah, “Edas, Embi mah ku tiasa mapantes téh. Sabaraha ieu téh pangaosna
“Ari pangaosna mah Rp.25, dan berlianna enya ogé lalembut, tapi aralus, teu aya nu paut; mirah delimana oge bangsana saé.
“Ah mahal teuing, Embi, teu gaduh artosna; ongkoh ari ali mah goréng-goréng ogé, geus gaduh. Ngan éta baé samping, kuring meuli hiji, lamun dipaparinkeun Rp.20.”
Mangga baé Lis dimurahkeun, étang-étang ngahaturkeun sawaréh; ka nu sanés mah moal dihaturkeun.  Ari éta lélépan, upami palay mah mangga baé montong digaleuh.”
“Montong digaleuh kumaha? Méré?”
“Enya ngahaturanan.
“Ah, Embi mah sok ngabobodo, kawas ka budak.”
“Ih, sanés kitu, ari sayaktosnamah mah Embi téh jaba rék dagang bari ngemban dawuhan Aom Kusman ka Nyai, saurna palay wawuh. Upami Nyai keresa wawawuhan sareng anjeunna, mangga éta lélépén ngahaturanan. Da saenyana mah éta téh kagunganana, lain dagangan
Nyi Rapiah sajongjonan mah ngahuleng baé, teu ngajawab. Geus kitu pok ngomong, “Saha Embi ari Aom Usman téh?”.
“Ah Nyai mah mamamdaluan, piraku teu uninga, kapan putrana Juragan Demang
“His, Kuring mah daék lolong teu acan tepang. Ari jenenganana mah nya sok nguping baé.
“Naha da itu mah uningaeun ka Nya”
“Pantes baé, da pameget mah sok anclongan”
Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potret Aom Usman tina pésak baju kutang; sor disodorkeun ka Nyi Rapiah, bari luak liuk ka tukang, bisi aya nu ngawaskeun. Ku Nyi rapiah ditampanan bari imut, tuluy diilikan didangdak déngdék. Ngomong jero atina “Emh, sok komo teuing buktina, potretna sakieu kasepna, surup jadi putra menak. Nya ieu lalaki nu matak ngagegelokeun awewe teh.”
Dari situ Nyi Dampi mengambil Potret Aom Kusman dari saku kutang, lalu diserahkan kepada Nyi Rapiah, sambil larak-lirik ke belakang takut ada yang mengawasi. Oleh nyi Rapiah diterima sambil tersenyum lalu dilihat dengan seksama. Berbicara dalam hatinya
Pikir Nyi Rapiah mimiti gedag rek kabengbat ku nu kasep. Kalau tidak takut oleh orang tua, dan sudah punya kekasih, sepertinya akan nekad.
Ceuk Nyi Dampi, “Kumaha, Lis, cocog?”
Nyi Rapiah seuri bari nyodorkeun deui potret ka Nyi Dampi.
“Kumaha, Lis kinten-kintenna?”
“Emh, Embi lain bangbang lain pacing, lain campaka kuduna.”
Nyi Dampi seuri bari nungkupan sungut, sarta tuluy ngomong, “Wah, Elis, na kudu kumaha? Rasa Embi mah geus aduna pisan, nu geulis ka nu kasep.”
“Ih lain ki kituna Embi, ngan kitu wae, Embi langkung uninga, kapan kuring rek lakian. Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah nu teu pantes. Bongan teu tibareto, da ku abah oge moal burung dihaturkeun, lamun enyaan mah. Ngan eta ari menak ka somah teh sok nyecepo, ngarurujit. Ayeunamah  lajeungkeun bae, sugan jaga di aherat tepang sukma padasukma. Ari ieu lelepan lain teu nuhun, ngan kuring risi bisi kauninga ku sepuh sae haturkeun deui bae.
Sabot keur kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka pangkeng. Nyi dampi pahibut nyumputkeun potret, sieuneun kaperego ku Nyi Haji. Cek Nyi Haji, “Naon nu rek dibeuli teh, Nyai?”
“Omong Nyi  Dampi, “Ieu putra teh palay sinjang,pangaosna Rp.20.”
“Pek bae deui.”
Samping dicikot ku Nyi Rapiah, tuluy dibayar ka Nyi Haji, ingdungna Nyi Rapiah. Kontan.
Kain diambil oleh Nyi Rapiah, lalu dibayar ke Nyi Haji, mamanya Nyi rapiah. Kontan.
Nyi Dampi amit, tuluy balik gura-gitu, lantaran atoh dumeh nampa ladang samping, batina gede.

 Tingkesan :

Baruang ka nu ngarora nyaritakeun atawa ngalalakonkeun Ujang Kusen, Nyi Rapiah, jeung Aom Usman. Dina jaman menak sok sewang-sewangan, Aom Usman hayangeun pisan ka Nyi Rapiah, tapi geus jadi pamajikan Ujang Kusen. Ku sabab hirup dikota loba godaan nana Ujang Kusen mawa Nyi Rapiah hirup di lereng gunung, Aom Usman nitah agan ali anu tukang pukul pajajaran datang ka imah Ujang Kusen anu digunung sangkan Nyi Rapiah di dekeutan, tuluy Nyi Rapiah di bawa ka kota, kusabab Nyi Rapiah ge ngarasa teu betah hirup di gunung, Nyi Rapiah ge ngilu ka agan ali.

Timimiti kawin Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah geus silih bogoh pisan, tapi kaayaan Ujang Kusen anu ngan saukur rakyat biasa teu bisa mere leuwih ka Nyi Rapiah, nepika Nyi Rapiah pirak jeung Ujang Kusen. Ujang Kusen sabar ningali pamajikan na di goda ku Aom Usman.

Aom Usman anu eunggeus megatkeun Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, tuluy Nyi Rapiah di wayuh, Aom Usman kawin deui jeung nu sadarajat jeung manehna nyaeta Agan Suriningrat, lantaran kolot Aom Usman teu satuju lamun Aom Usman teu kawin jeung anu sadarajat. Ari si Ujang Kusen prustasi lantaran ninggali Nyi Rapiah dikawin ku Aom Usman, Ujang Kusen tidinya sok gunta-ganti pamajikan, lantaran ngarasa eweuh nu leuwih ti Nyi Rapiah, Ujang Kusen sok judi, mabok, pokonamah beda jeung Ujang Kusen basa jadi salaki Nyi Rapiah, ahirna Ujang Kusen dibuang ka Surabaya kusabab dituding maling duit, duit eta teh dipake jang judi deui.

UNSUR INTRINSIK DAN EKSTRINSIK NOVEL SUNDA BARUANG KA NU NGARORA

LAPORAN PANCĚN BASA SUNDA NGEUNAAN EUSI NOVEL

I.                   Unsur Intrinsik Novel

1. Judul Novel     : Baruang Ka Nu Ngarora

2. Tema                : Ngahasut atawa Baruang

3. Latar                 :
    - Tempat          : Di bumina Haji Abdul Raup, di    Kampung Pasar, Di bumi Nyi Piah, Ujang Kusen, Aom Usman, Abdullah,
 Di desa Nyi Piah sareng Ujang Kusen , sareng di Kebon Kopi.
     -Waktu : Peuting, buktina aya dina kalimah “Ari peuting harita teuing ku caang bulan,” Jeung sakabeh waktu oge aya.
      -Suasana : Bungah, buktina waktos Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen nikah. Emosi, sedih jeung tegang waktos Nyi Rapiah kabur ti bumina sareng ninggalkeun Ujang Kusen nikah jeung Aom Usman. Nyeri Hate waktos Ujang Kusen jadi lalaki teu beneur jeng dibui.

4.  Galur               : Měrělě

5.  Sudut Pandang : Urang Ka-3 Serba Nyaho

6.  Gaya Bahasa   : Ngagunakeun basa Lemes

7.   Tokoh Dan Penokohan
      Ngaran Tokoh, watek jeung Sipatna
      1. Nyi Rapiah
        Bageur jeung polos awalna, tapi pas   kadituna saatos nikah jeung Ujang Kusen, manehna hianat.
       2. Ujang Kusen
    Suami nu sabar, tapi kadituna jadi sokngekang ka nu jadi istri. Saatos pisah jeung Nyi Rapiah jadi lalaki hidung belang nepika dibui.
       3. Aom Usman
    Henteu konsisten, bageur tapi jadi licik jeung hianat, jadi ngaduakeun Nyi Rapiah.
       4. Nyi Dampi
     Rendah Hati, sok mere nu alus ka batur.
       5.  Haji Abdul Raup
    Bageur jeng bijak.
      6. Istri Haji Abdul Raup Penyayang.
      7. Haji Samsudin Bijak.
      8. Istri Haji Samsudin Penyayang.
      9. Haji Banisah Pengasih.
     10. Agan Ali Tokoh sampingan.
     11. Abdullah Imut, tapi rada licik.
     12. Haji Tayib Tokoh sampingan.

8.      Amanah Jeung Pesen : “Urang hidup di dunya teh tong gampang kahasut kubatur, boh eta jalma anu deukeut jeung urang boh nu karek kenal, ulah sampe urang kabawakeun ka jalan nu teu bener. Lamun urang geus terjerumus kanu teu bener rugi jeung hanjakal anu aya engkena.”

9.      Sinopsis / Penggalan Carita
     Malem senen 14 bulan hapit 1291 dibumina Haji Abdul Raup, di Kampung Pasar meuni rame pisan,kulantaran anakna nyaeta Nyi Rapiah rek di lamar ku Ujang Kusen. Teu lami nyi rapiah jeung ujang kusen akhirna nikah. Kulantaran maranehna rek mandiri sareng teu ngarepotkeun kolotna,maranehna pindah ka hiji desa nu jauh tina desa kolotna tinggal. Akhirna maranehna pindah diiringan ku ceurik kulantaran nyi piah teh teu bisa jauh sareng kolotna,ema na nyi piah nyengceurikan nyi piah supados nyeungcerikan anu maot. Akhirna nyi piah sareng ujang kusen nepi ka desa di deket gunung nu jauh timana – mana. Nyi piah tinggal diditu teu pibeutaheun pisan,kulantaran manehna teu biasa tinggal di tempat nu jauh timana – mana ditambahan diditu nyi piah jauh ti kahidupan mewah nu biasana manehna jalankeun.

Teu lila, dina hiji waktos nyi piah ngarasa tos teu betah pisan tinggal di imah eta, akhirna Nyi Piah kabur sareng Abdullah bade ka imah kolotna. Singket carita Nyi Piah sareng Ujang Kusen teh papisah anu akhirna Nyi Piah nikah ka lalaki anu pernah kaedanan ka Nyi Rapiah eta. Aom Usman lalaki nu dipicinta Nyi Rapiah oge, tapi teu lila Nyi Piah di candung ku Aom Usman, ceurik weh Nyi Piah kulantaran nyeri hate jeung nyesel ninggalkeun Ujang Kusen demi si Aom Usman. Tapi Nyi Piah teu bisa naon naon kulantaran tos jadi takdirna manehna dicandung. Sami jeung Nyi Piah, diluar ditu Ujang Kusen ge jadi jalma nu teu bener, senggeus papisah jeung Nyi Piah. Manehna jadi lalaki hidung belang sok maen awewe, mabok jeung ngadu, Tragis kulantaran sikapna nu kos kitu Ujang Kusen di bui.

II.                Unsur Ekstrinsik Novel

·         Identitas Buku :

1.      Judul : Baruang Ka Nu Ngarora

2.      Kenging : Daeng Kanduruan Ardiwinata

3.      Penerbit : Wedalan PT Kiblat Buku Utama

4.      Rarancang Jilid : Tim Kreatif Kiblat

5.      Gambar Jilid : Esti Lestarini

6.      Citakan : Februari 2013

7.      Tebelna : 107 lembar

·         Kasang Tukang Pangarang :

Daeng Kanduruan Ardiwinata (Bandung 1855 – Tasikmalaya 1947) adalah seorang Nasionalis, Agamis, dan Sastrawan Sunda. Ia merupakan seorang guru bahasa, ahli bahasa, pendiri dan Ketua Paguyuban Pasundan, serta Redaktur Balai Pustaka. Walaupun ayahnya keturunan Bugis, tetapi hal itu tidak membatasi kecintaannya pada sastra Sunda. Ia pengarang roman pertama dalam bahasa Sunda. Penghargaan "Ridder In De Orde Van Orange Nassau" oleh Pemerintah Kerajaan Belanda atas prestasi di bidang sastra.

Karya – Karya Daeng Kanduruan Ardiwinata

Tatakrama oerang Soenda, 1910.Baruang ka nu ngarora, 1966.Tata bahasa Sunda.Dongeng-dongeng Soenda, 1910.Tri wangsa, 1921.Soendaasch spel- en leesboekje, 1926.Serat sabda rahajoe, 1911.Sakola noe lolong di Bandoeng djeung kasakit njĕri mata anoe matak lolong.Pemimpin bagi orang jang hendak memilih pentjaharian.Dari hal pertanaman teboe dan fabriek goela : terkoetip dari karangganja toean Mr. A. Neijtzell de Wilde, leeraar disekolah hakim, 1912.Pemerintahan Nederland dengan Hindia : terkoetip dari boekoe-boekoe wet dan lainnja, 1913. 

                           Disusun Oleh :
Kelompok 1
- Ai Khoeriyah
- Eky Priatnasyah Putra
- Muhammad Ryananda Aditya Ramadhan
- Muhammad Alawi
- Pina Alpiona Sari

                SMKN 1 RENGASDENGKLOK

Tidak ada komentar:

Posting Komentar